Kuro Band  

Senin, 26 Oktober 2009


Band/ Group : Genre : punk/indie Origin : Jakarta

Kuro - fearlessoul : Download
Kuro - Maniez : Download
Kuro - iTsmy1StLovEaNd
bRoCkenhearT
: Download
Kuro - QuestionMark : Download
Kuro - EveRbEfoRe : Download

AddThis Social Bookmark Button


KAOS KUTANG  

Senin, 10 Agustus 2009

Band : Kaos Kutang, Genre : Punk Rock, Origin : Indonesia (Samarinda - Kaltim)

Kaos Kutang - Good Friends Don't Cheat : Download
Kaos Kutang - Why Do You Keep Doing That : Download

AddThis Social Bookmark Button


My Pet Sally  

Minggu, 05 Juli 2009


Band : My Pet Sally, Genre : Punk/indie, Origin : Indonesia (Yogyakarta)

My Pet Sally - Cinta 18 : Download
My Pet Sally - Stay Here For Fun : Download
My Pet Sally - Traffic Lights : Download

AddThis Social Bookmark Button


Like Father Like Son  

Sabtu, 04 Juli 2009

Band : Like Father Like Son , Genre : inide, Origin : Indonesia (Bandung - West Java)
  • Like Father Like Son - Sudut kota kembang : Download
  • Like Father Like Son - Egocentris : Download
  • Like Father Like Son - cocoboy: Download

AddThis Social Bookmark Button


Glory Of Love  

Jumat, 03 Juli 2009

Band : Glory Of Love, Genre : Post Punk/ Melodic/ Indie/ Emo, Origin : Indonesia (Bandung-West Java)

AddThis Social Bookmark Button


Disconected  

Band : Disconected, Genre : Postpunk/ Melodicore, Origin : Indonesia (Bandung - West Java)

AddThis Social Bookmark Button


si kabayan ngeblog  

Dongeng Cerpen ini terbatas untuk anggota Group Pasundan
Maklum kabayan, nulis geu teu bisa komo kudu nulis blog di internet, eta pedah ninggali kang Udin anu sok maturan ngaronda jeung sikabayan. Cenah Jadi Blogger jeung bisa terkenal sa alam dunya, puguh si kabayan kabita, dah kabitaan manehna mah.
Majar cenah mun jadi blogger mah tong boro awewe dalah aki-aki tukang cau ti parongpong ge bakal wawuheun ... komo mun loba nu komen atawa dijadikeun referensi .. walah ... bakal leuwih ngetop ti batan tukul ... cenah etage!
Ngan aya hambatana, si Abah Ontohod ngalarang si Kabayan ngeblog. "Teu pantes si borokok eta kikituan mah.." saur si Abah ka si Ambu bari rada emosi...
"Komo deui eta cocooan teh kornet. Naon eta teh ngaranna, enternet, pan loba jurigna", Abah nambahan bari nyuruput kopi.
Puguh we si Kabayan jadi mangmang, padahal ti baheula hayang terkenal sa alam dunya. Unggal waktu, si Kabayan jadi ngalamun bae "Kunaon kang jadi murung kitu?" saur Nyi Iteung di bale payun bari ngasongan pisang goreng. "Gara-gara Abah, Nyi..".
"Akang kabita ku kang Onno, majar manehna mah RT jeung RW na teh geus konek ka internet, na ari dilembur urang iraha nya Nyi?" ceuk si kabayan bari ngagaroan bitis nu barentol alatan ditapuk reungit.
"Ari internet teh naon, Kang? Kadaharan anyar?", Nyi Iteung nanya.
"Aih maca koran teu ?" Jawab Kabayan.
"Maca Qur'an mah unggal poe atuh, Kang", Nyi Iteung nembalan.
"Koran Nyi, lain Qur'an" , Kabayan ngajelaskeun.
"Hihihi... eleuh2 akang teh aya aya wae sih nya... piraku Koran disangka Qur'an.
Sugan teh dedengean abdi wae nuh salah teh. Isukan mah eta kuping dikorekan ku korek kuping nya..!!
Abdi sieun bisi aya kumanana. Atawa dipariksakeun ke dokter wae atuh.
"teuh da nyai mah nulain lain wae, batur ngomongkeun tai ceuli bet los los ka internet ieu teh .... aeh tibalik nya.." ,
si Kabayan nembalan bari nyingsatkeun sarung tuluy ngaleos ka pawon, kakaratak neangan dahareun.
Barang rek nyokot dahar, jol si abah karak balik ti sawah jeung si ambu.
"Sok kaluarkeun deungeuna, kabayan...urang dahar ngariung"
ceuk si abah terus leos ka cai, beberesih. Barang rek ngaluarkeun deungeun, si kabayan ngan ukur manggihan hulu peda..
"Abah, Ambu, abdi aya carios ieu teh. Tadi di pasar teh aya urang nu ngajual baju, terus ngajak abdi kerja sama.
Tapi abdi disuruh mihape duit 50 juta kangge persekot heula. Kumaha nya eta, Abah? mendingan dibikeun atawa entong nya?".
"50 juta teh duit?" ceuk abah bari nanghunjar lambar...
"cik kaluarkeun hulu peda teh, nyambel sing lada sakalian Iteung" ceuk abah deui ...
Si Kabayan geus teu sabar. Eta piring dibikeun ka Iteung, terus pek wae Iteung ngeusi kejo ka eta piring.
"Kang, ieu ulah loba2 daharna nya, bisi engke kolesterol ejeung asam urat akang teh naik..
" Iteung poho naon bahasa Sundana 'naik' teh.
Kabayan [sedang] Dahar, saha nu hayang?. Aih-aih kang Kabayan teh Ngeplurk nya?
Ieu Kabayan dasar belegug, eta dahar teh lain cepet dihuapkeun, malahan eta sendok ejeung garpu teh diketrok2keun ka meja.
Terang wae Ambu jeung Abah teh daratang narosan Kabayan.
"Eleuh eleuh Kabayan, keur nanaonan eta teh mani kitu???!!" Ambu ambek.
"Iyeu mah latihan Ambu, Ngeband. Hayang ditampilkeun ti acara Kopdar isup malam. Dilombakeun...!".
"Harr, pan iyeu keur kopdar (kop dahar) maneh teh lain ??" Ceuk si Abah bari rada cengos...
"Kopdar teh kopi darat. Papanggih sareng rerencangan ti internet", jawab Kabayan.
"Kira kirana nyai sanggup teu mun akang bakalan ngetop siga akang eceu nu eksis di cerpenista?"
ceuk kabayan bari ngahuapkeun sangu nu dikeupeul-kepeul di cocolkeun kana peda.
"Ari nyai mah kumaha akang we, tapi nyai oge percanten kana omatna abah....jadi nyai mah jigana fifty-fifty kang"
Ceuk Nyi Iteung bari seuhah sabab sambel tarasina kaladaan..

AddThis Social Bookmark Button


 

Design by Amanda @ Blogger Buster